Senin, 24 Mei 2010

Kumpulan Tebak - Tebakan Sunda ( Tataruncingan )

Tataroencingan Soenda Tradisonal

_____________________________________________________________

1. Hayam naon anu sukuna sarebu?
2. Sato naon anu teu bisaeun mundur?
3 . Bangku naon anu bisa didahar?
4 . Batu naon anu teu aya di cai?
5 . Oray naon anu teu bisaeun ngaleor?
6 . Piring naon anu bisa dipake nempo bulan?
7 . Manuk naon anu jangjangna dina suku, sirahna dina suku?
8 . Naon sababna ban mobil tina karet?
9 . Sapi naon anu bau?
10. Piring naon anu pangrame-ramena di Indonesia?
11 . Dicabak beye, ditakol ngabelentrang.
12 . Hayamna bodas, naonna anu hideung?
13 . Buah naon anu dipikaresep ku lalaki?
14 . Jam naon anu bisa nembang?
15 . Monyet naek kana tangkal kai, tinggal naonna?
16 . Pare naon anu teu ngeunah?
17. Sato naon anu sukuna dina sirah awakna dina sirah?
18. Kapas dua kg, batu sakilogram, lamun ditinggangkeun kana suku nyeri mana?
19 . Ku naon tukang baso nakolan mangkok?
20 . Soeh teu bisa dikaput, kotor teu bisa diseuseuh.
21 . Kaca naon anu nyeri?
22. Kaca naon anu seungit?
23 . Kaca naon anu pangbeuratna?
24 . Aya balon sapuluh, bitu hiji, kempes tilu, kari sabaraha deui?
25 . Dicekek beuheungna dieleketek beuteungna.
26 . Naon sababna ban sapedah anu tukang sok babari dugul?
27 . Naon sababna lamun anjing keur lumpat sok ngalieuk bae ka tukang?
28 . Hayam naon anu isuk-isuk tara kongkorongok?
29 . Leutik, bodas, panjang, teuas, lumpatna ngabelesat.
30 . Tukang naon lamun digeroan sok lumpat ngajauhan?
31. Bajuna hejo, leumpangna nguriling bari udud.
32 . Maju eleh, mundur meunang.
33. Aya manuk sapuluh ditembak hiji, tinggal sabaraha?
34. Sato naon anu pangleutik-leutikna sadunya?
35. Kapal naon anu teu bisa ngapung?
36. Hideung, leutik, bahaya.
37. Kumaha ngabedakeun sirah cacing jeung buntut cacing?
38. Naha superman bajuna make hurup “S”?
39. Tangkal naon anu sok dipikasieun?
40. Lamun Arjuna neangan cinta, ari Bima neangan naon?
41. Sirahna dina beuteung, ceulina dina beuteung, beuheungna dina beuteung.
42. Sapedah naon anu bisa ngapung?
43. Kuda naon anu teu bisa lumpat?
44. Minyak naon anu rame?
45. Batman nginum fanta, ari Superman nginum naon?
46. Hayam naon anu sok diteangan ku jelema?
47. Kalong naon anu pinter maen bal?
48. Gajah naon anu sukuna dua?
49. Lamun Superman ngapung tara ngadeukeutan panonpoe, naon sababna?
50. Diudag lumpat didagoan cicing.
51. Digas manjangan, dierem potong
52. Panjangna sajeungkal, heuras, buluan, :D


1. Hayam keur pawey
2. Sato nu keur nukangan tembok
3. Bangkuang
4. Batu garing
5. Oray nu ngalegleg linggis
6. Piring bolong
7. Manuk anu kageleng mobil
8. Mun tina coklat pasti digembrong sireum
9. Sapiteng
10. Piringatan 17 Agustus
11. Tai kotok napel dina tihang listrik
12. Kalangkangna
13. (Awewe) Buahenol
14. Jamrud
15. Tinggal turunna
16. Parea-rea omong
17. Kutu
18. Nyeri sukuna
19. Ku sendok
20. Keretas
21. Kacabok
22. Kacapiring
23. Kacalikan gajah
24. Kari salapan, da nu kempes teh ditiup deui.
25. Gitar
26. Bakating ku cape mikiran kumaha carana hayang miheulaan ban hareup
27. Sabab teu make kaca spion
28. Hayam paeh
29. Remeh napel dina kareta api nu keur maju
30. Tukang maok
31. Obat nyamuk
32. Nu keur lomba tarik tambang
33. Euweuh hiji-hiji acan da kaburu hiber
34. Incuna kuman nu teu dahar saminggu
35. Kapal nu mesinna ruksak
36. Sireum napel dina bom
37. Keleketek heula, nu seuri eta huluna
38. Sabab mun XL mah bakal logor teuing
39. Tangkal sampeu nu keur dipake nyumput maung
40. Neangan kukuna nu sok dibabawa ku tukang jamu
41. Orok nu keur dikakandung ku indungna
42. Sapedah anu ditalian kana sarebu balon gas nu keur ngapung
43. Kuda nu dicangcang
44. Minyaksikan pertandingan sepakbola
45. Minumpas kejahatan
46. Hayam leungit
47. Kalonggak Ajat Sudrajat ya… Robby Darwis
48. Gajah nu keur keprok
49. Sabab sieun S-na leeh kapanasan
50. Kalangkang
51. Tai
52. Sikat gigi

2 komentar:

  1. haha lucu juga.
    update dong min tekka teki yg brhadiah kayak di www.teka-teki.com biar tambah jos blognya :)
    mkasih ea udh ngibur hatiku yg galau hmm..

    BalasHapus